Selasa, 18 September 2012

PUPUH


Pupuh mangrupa salah sahiji kasenian di daerah Suku Sunda nu kasenianna make seni suara atawa lagu tea.Pupuh kawilang hese ku sabab nada jeung ritme na cukup hese tapi eta jadi gampang lamun urang daek diajar ngeunaan pupuh. Naon anu di maksud pupuh ? Pupuh teh nyaeta sapertos puisi lisan tradisional nu make basa Sunda nu tujuana atawa eusi pupuh teh mangrupa nasehat nu di tepi keun liwat lagu. Jadi nyayi keun pupuh mah teu sakedar nyayi bae tapi nyayi na make rasa jeung kedah ngerti kana maksud eusi lagu na, eta tujuan na supados urang lewih ngahayati kana lagu na. Pupuh teh aya 17. Di Jawa oge aya nu namina kasenian pupuh teh ngan biasa na sok di sebat macapat. Pupuh teh kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta patokan jumlah padalisan dina unggal pada, sarta lobana engang dina unggal padalisan. Sedengkeun nu di maksud guru lagu nyaeta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa dang ding dung na sora vokal dina engang panungtung.
Conto pupuh jeung aturana:
ASMARANDANA
Aya nu lumpuh musapir
Bari sila sisi jalan
Kadupak ku anu lolong
Anu ekeur balang siar
Neangan sandang pangan
Anu lolong gebut labuh
Nu kadupak katindihan

Pupuh di luhur gaduh tujuh padalisan (jajar)
·         Padalisan ka hiji ngagaduhan guru lagu na 8 hartos na engangna guru wilangan na nyaeta( i )  hartos na sora tungtung anu huruf vokal.
·         Padalisan ka dua ngagaduhan guru lagu na 8 hartos na engangna guru wilangan na nyaeta( a )  hartos na sora tungtung anu huruf vokal.
·         Padalisan ka tilu ngagaduhan guru lagu na 8 hartos na engangna guru wilangan na nyaeta( o )  hartos na sora tungtung anu huruf vokal.
·         Padalisan ka opat ngagaduhan guru lagu na 8 hartos na engangna guru wilangan na nyaeta( a )  hartos na sora tungtung anu huruf vokal.
·         Padalisan ka lima ngagaduhan guru lagu na 7 hartos na engangna guru wilangan na nyaeta( a )  hartos na sora tungtung anu huruf vokal.
·         Padalisan ka genep ngagaduhan guru lagu na 8 hartos na engangna guru wilangan na nyaeta( u )  hartos na sora tungtung anu huruf vokal.
·         Padalisan ka opat ngagaduhan guru lagu na 8 hartos na engangna guru wilangan na nyaeta( a )  hartos na sora tungtung anu huruf vokal.

Di handap ieu rupa-rupa pupuh nu 17 nyaeta:
1.       Asmarandana: Unggal pada di wangun kutujuh padalisan.
2.       Balakbak: Unggal pada di wangun kutilu padalisan.
3.       Dangdanggula: Unggal pada di wangun ku sapuluh padalisan.
4.       Jurudemung: Unggal pada di wangun ku lima padalisan.
5.       Durma: Unggal pada di wangun ku tujuh padalisan.
6.       Gambuh: Unggal pada di wangun kulima padalisan.
7.       Gurisa: Unggal pada di wangun kudalapan padalisan.
8.       Kinanti: Unggal pada di wangun kugenep padalisan.
9.       Ladrang: Unggal pada diwangun ku opat padalisan.
10.   Lambang: Unggal pada di wangun kuopat padalisan.
11.   Magatru: Unggal pada di wangun ku lima padalisan.
12.   Maskumambang: Unggal pada di wangun ku opat padalisan
13.   Mijil: Unggal pada di wangun ku genep padalisan.
14.   Pangkur: Unggal pada di wangun kutujuh padalisan.
15.   Pucung: Unggal pada di wangun ku opat padalisan.
16.   Sinom: Unggal pada diwangun ku salapan padalisan.
17.   Wirangrong: Unggal pada di wangun ku genep padalisan.

Conto lirik pupuh :
PUCUNG
Hayu batur, urang di ajar sing suhud
Ulah lalawora
Bisi engke henteu naek
Batur seuri urang sume gruk nalangsa

BALAKBAK
Aya warung sisi jalan rame pisan citameng
Awewena luwas lewis geulis pisan ngagoreng
Lalaki na lalaki na los kapipir nyo’o monyet nyangereng

MASKUMAMBANG
Itu kusir bangun ambek-ambek teuing
Turun tina delman
kuda di pecutan tarik
Teu aya pisan ras-rasan

DANGDANGGULA
Lambang RI jero ngandung harti
Lamun bener di amalkeunnana
Persatuan tangtu tembong
Teu cukup ku di sebut
Atawa na apal na biwir
Bhineka tunggal ika
Maksudna gumulung
Kabeh seler-seler bangsa
beda-beda tatapi asal sagetih
Beda tapi saasal


SINOM
Harta pada nareangan
Harti pada nyararungsi
Sabab dua nana guna
Harti bisa mere bukti
Harta pon kitu deui
Bisa ngabul nu di maksud
Nedunan sakahayang
Tapi harta gampang leungit
Mungguh harti mangpaat dunya akherat


1 komentar: